SASTRA LISAN DALEM BONCEL
MAYLAN SOFIAN
PENDAHULUAN
Kebudayaan di Indonesia merupakan hal yang tidak dapat lepas
dari tradisi. Tradisi itu sendiri bukanlah hal yang sudah selesai dan berhenti,
melainkan merupakan suatu hal yang masih ada dan terus berkembang. Tradisi ini
berkembang mengikuti arus perubahan sosial, namun perubahan yang terjadi
tidaklah melenceng jauh dari akarnya. Tradisi tetap menjadi seni tradisi bagi
masyarakat setempat yang mengalaminya.
Tradisi lisan telah berkembang di Indonesia sebelum
masyarakat Indonesia mengenal aksara. Tradisi lisan pada awalnya subur dan
berkembang di seluruh nusantara dan menjadi salah satu kekayaan budaya
masyrakat Indonesia. Setelah aksara masuk ke nusantara, tradisi lisan tidak
hilang, tetapi berkembang beriringan dengan tradisi tulisan.
Tradisi lisan menurut B.H. Hoed adalah berbagai pengetahuan
dan adat kebiasaan yang secara turun-temurun disampaikan secara lisan yang
mencakup tidak hanya cerita rakyat, mitos, dan legenda, tetapi juga dilengkapi
dengan sejarah, hukum adat, dan pengobatan. Hal-hal yang terkandung dalam suatu
tradisi lisan adalah hal-hal yang terlahir dan mentradisi dalam suatu
masyarakat yang merupakan warisan nenek moyang. Pada dasarnya, suatu tradisi
dapat disebut sebagai tradisi lisan jika tradisi tersebut dikatakan (oleh penutur)
dan didengar (oleh penonton).
Hal-hal penting yang perlu diperhatikan dalam tradisi lisan
adalah sastra, antropologi, dan sejarah. Tradisi lisan tentu tidak akan lepas
dari sastra. Tradisi lisan juga erat kaitannya dengan antropologi karena
berhubungan dengan masyarakat dan kebudayaan di suatu daerah. Tradisi lisan
juga tidak dapat lepas dari sejarah karena tradisi merupakan hal yang
diwariskan secara turun temurun. Itu berarti tradisi lisan tentu berhubungan
dengan masa lalu atau sejarah suatu daerah.
Sastra lisan merupakan salah satu bagian dari tradisi lisan.
Sastra lisan disebarkan dari satu orang ke orang lain secara lisan kemudian
prosesnya dilihat, didengar, kemudian dilisankan kembali. Jadi, yang dilihat
dalam tradisi lisan adalah proses dan hasil melisankan.
Orang-orang sering salah paham mengira teknik lisan sebagai
sastra lisan. Teknik lisan dilakukan saat musikalisasi puisi atau pembacaan
puisi. Teknik lisan tidak memengaruhi proses penciptaan—dalam hal ini,
misalnya, musikalisasi puisi—saat ditampilkan. Saat ditampilkan, proses
penciptaan sudah selesai sehingga penonton atau pendengar tidak dapat
memengaruhi proses penciptaan. Teknik lisan adalah salah satu contoh sastra
yang dilisankan, seperti orang yang mendongeng dan orang yang berpantun.
Cerita lisan dalam
perkembangannya dapat dapat ditransformasi kedalam pertunjukkan seperti
:pertunjukan musik, tari, teater dan yang lainnya. Dalam mentransformasi cerita
lisan ini, penulis akan mencoba mengambil dari cerita Dalem Boncel. Karena
cerita Dalem boncel dapat memberikan sebuah pesan yang disampaikan mengenai
keberanian dan kegagahan, serta sebuah pelajaran dalam kehidupan. Maka penulis akan mengangkat sosok dalem
boncel kedalam bentuk drama tari musical, yang berjudul “Dalem Boncel Mulang”.
Judul dalam cerita ini ditambah kata “mulang” diharapkan menjadi daya tarik
supaya para penonton menjadi penasaran dari judul yang telah dibuat. Dalem
Boncel Mulang ini menceritakan tentang kisah perjalanan dalem boncel sampai
beliau meninggal dunia.
Cerita Dalem Boncel
(Cerita Lisan)
Di tutugan Gunung Giriawas aya
hiji lembur. Lembur leutik sarta nenggang, henteu gegek ngan opat-lima imah.
Boh imah boh pakaranganana bararesih sarta raresik. Éta lembur katelahna
Kandangwesi. Imah anu sajolan ti jalan, potongan garduh ngupuk, lain panggung it
kolong saperti nu lian. Anu bogana lain
pituin urang dinya, tapi nu bubuara enggeus lila.
Di buruanana Éta imah rajeg
lima-genep pangelatan manuk titiran laluhur, tihangna gombong saleunjeur-saleunjeur.
Dina lebah saung kurungna it-itan nanagaan dialus-alus, it dicét sagala.
Di tepas imahna téa ogé rantuy
kurung titiran: aya anu dicét beureum, aya anu diérmas, aya nu dirarawisan
sarta digantungan tiiran-tiiran it , éndah pisan. Manukna aya puluhna, balegér.
Méh unggal isuk waktu haneut
poyan, anu bogana sok andekak dina babaléan di buruan, mani déngdék-déngkdék
baé ngadéngékeun manuk anu keur ngarelak disarada patémbalan; bari ngagigirkeun
cikopi lekoh ngebul, ngelepus udud.
Tampolana mun Si Pacar keur
ngelak mah, lat poho kana ngenyot udud, da éta cenah lebar sieun kaliwat dina
lebah lengketekungna.
Bujang-bujangna ogé sok
nyalampeurkeun marilu nanggap sora manuk ngelak, ngayunkeun karesep dunungan;
da ngalarti mah henteu.
Unggal Jumaah Kaliwon, najan aya
gawé baku anu perlu ogé bujang nu namina it asmah, teu kudu nyabak pagawéan
séjén, da kapeto kana ngamandian manuk, sabab ngan Ki Bangsa anu tabah kana
ngurus lilinggeran titiran mah.
Aya deui pangabogoh éta jalma
téh, kana kuda. Manéhna bogaeun kuda jalu bulu daragem. Gedoganana henteu jauh
ti imahna, 2 ti tas katuhu nyanghareup ngidul. Kacida dipikanyaahna kawantu
kuda satria Pinayungan, béjana mah.
Demi nu ngurus éta kuda aya nu
ngabaku, nya éta bujangna budak ngora anu siga kolot, pangawakanana cengkrang,
namina Boncél.
Dina hiji poé pasosoré, sanggeus
Si Boncél neundeun sundung, karék pisan ti tas ngarit, ujug-ujug haok baé
dicarékan ku dununganana, sarta teu antaparah… kerewek ceulina digoéngkeun
tuluy dikusrukkeun ka jero gedogan, “Ténjo ku sia naha éta rarapén ngabayak
diantep baé? Naha éta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul sia, henteu tulatén
kana ingon-ingon! Kumaha lamun éta kuda gering, rék dikumahakeun ku sia? Tara
apik, tara ngagugu kana papatah dunungan!”
“Teu acan baé, Juragan. Kapan abdi téh nembé
dongkap pisan mentas ngarit.”
”Wah, ngalawan sia ka dunungan téh, kalah ka hakan baé ari gawé goréng. Sia moal dibéré nyatu ku aing.”
”Wah, ngalawan sia ka dunungan téh, kalah ka hakan baé ari gawé goréng. Sia moal dibéré nyatu ku aing.”
”Unggal it unggal isuk ogé disapuan ku abdi. Ayeuna ogé it
diberesihan. Tong it nyarékan.”
“Ah, sia melid, ngahaja baé sina
bala ngarah kuda aing paéh, ambéh sia henteu ngarit. Budak ngedul, siah!? Bari
ngomong kitu téh… jekok najong kana bobokong Si Boncél. Atuh Si Boncél nepi ka
tijongjolong méh tikusruk kana tataban.
Poé éta Boncel henteu meunang timbel, atuh
ngongkrong teu barang dahar nepi ka isuk deui.
Diparak jeung disiksa kitu téh
ku dununganana teu sirikna unggal poé. Tapi lain ku lantaran goréng pagawéan,
ieu mah ku sabab bengisna nu jadi dunungan baé, pédah tadina aya pasendatan
jeung bapana, alatan hutang.*** (Hanca)
Isukna.
Beurang naker Si Boncél karék
indit manggul sundung, rék ngarit ka reuma. Ku lantaran beuteung kosong tacan
kararaban kadaharan, manéhna ngarasa nahnay nanjak ka pasir téh. Barang it as
ka mumunggang, gék diuk handapeun tangkal waru, reureuh heula. Pikirna ngerik
taya hinggana, ras inget kana kamalaratan kolotna, katambah ari boga dunungan
ku teu aya pisan tinimbangan.
Tuluy Si Boncél ngagéléhé kana
canir, sirahna diganjel ku leungeunna, ngararasakeun beuteung rocop. Mimitina
mah panonna mencrong baé ka langit, nénjo it nu tingarudat bodas. Tapi teu karaseun deui,
reup baé manéhna saré. Teuing sabaraha jam lilana, inget-inget sotéh pédah
reuwas katinggangan cihujan patingkareclak kana tarangna.
Koréjat manéhna hudang, kop arit
kop sundung rék ngarit, bari gasak-gisik culang-cileung bakating ku reuwas,
tapi teu bisa kumaha, da ari breg téh hujan saperti meunang nyicikeun ti langit
téh saenyana.
Manéhna ngiuhan deui handapeun
waru téa. Tapi ku sabab hujan sakitu ngagebrétna, pakéanana rancucut, manéhna
mucicid tiriseun.
Rét nénjo panonpoé geus rék
surup, harita geus reup-reupan. Ras inget kana jukut keur parab kuda, tacan
meunang sakeupeul-keupeul acan, ari awak ngadégdég kabulusan. Bararaal bawaning
ku tiris, boraah bisa ngulangkeun arit.
Katambah-tambah hujan taya pisan
raatna. Si Boncél kacida sieuneun ku dununganana, upama balik téh tangtu
disiksa. Dina ingetanana moal salah deui tangtu bakal digebugan ku popongkol
saperti baréto, mun kanyahoan ku dunungan léngoh téh.
Ku sabab sieun dipergasa ku
dununganana, ku Si Boncél henteu dipikir deui, harita kénéh gilig pikirna rék
minggat saparan-paran.
Geus harieum beungeut téh nekér
kénéh baé manéhna nanjak dina jalan satapak. Sakapeung mabal totorobosan kana sela-sela
dapuran kaso. Ingetanana kop maung kop badak, henteu ngingetkeun kacapé, henteu
ngingetkeun kasieun, suku kacugakan ku cucuk-cucuk ogé henteu dirasa, tina it
as geura jauh. Inggis aya nu nyusul, atuh leumpangna ogé sering cungas-cingeus,
rarasaanana mah asa jol – asa jol baé dununganana.
Ku lantaran harita kabeneran
poék bulan, taya harepan bisa laju lumakuna, tina teu nyaho ka mana piloseun,
kawantu asruk-asrukan di nu bala. Tungtungna reg Si Boncél ngarandeg, ngarahuh
ambekanana bawaning ku ripuh, peurih beuteung teu puguh rasakeuneunana.
Kabeneran baranyay kingkilaban,
brek katénjo teu jauh ti dinya aya saung ranggon sisi reuma. Ripuh-ripuh ogé
maksakeun manéh muru ranggon téa rék ngadon saré.
Ku lantran ranggon réyod, atuh
teu kaur reup saré, katambah-tambah awakna nyareri jeung suku raméd ku cucuk,
Si Boncél téh cindukul baé. Ari geus baranang béntang mah, bari ngurutan suku
téh nginget-nginget pilampaheun.
Curucud cipanonna, inget ka
indung bapana, piceurikeun mani asa ngagarenduk karasana, bawaning ku nalangsa.
Ras kana takdir, mana balangsak kabina-bina teuing.
Rebun-rebun kénéh geus indit
deui, turut-turut leuweung maju ngétan. Dina ingetanana ka mana baé
pibraseunana mah, asal ulah kalarung balik deui ka urut tadi.
Barang keur ngabaheuhay
handapeun kihiang dina léngkob, kadéngé anjing manting ngéngkéngan ti kajauhan,
haok paninggarana hawar-hawar. Koréjat Si Boncél cengkat bawaning ku bungah,
neges-neges ka mana tujuna udagan éta anjing. Beuki lila beuki deukeut sora
anjing téh. Rupana geus kana mumunggang pasir. Si Boncél taki-taki, nyekel
gegendir tina tangkal kopi. Tétéla mencek téh lumpatna ka lebah manéhna, da
puguh liliwatanana. Hok Si Boncél milu ngahaokan, pokna, “Huhhh, huhhh, huhhh!
Wah, wah, wah-wah-wah, huhhh!”
Nénjo aya nu megat, mencek téh
malik ka tukang gok jeung anjing-anjing nu ngarudag, mogok wé…nyamberan
anjing-anjing. Anjingna parelit, marantingna deui bari ngalalingker kana
tunggul, atuh ana disamber téh jleng nyingcet.
Ninggal seukeutna sihung mencek
anu kawas loncér, moal salah sakali nyamber ogé mun keuna kana beuheung atawa
kana kekemplong Si Géboy, tangtu sapatna. Tangkal tepus mah rabeng kawas
dicacar ku parang seukeut baé.
Kabeneran dina mencek keur
meujeuhna ngopépang, jol paninggaran nu ngaping anjing-anjing daratang,
ngurumuy ti nu bala.
Barang mencek nénjo jelema, cul
anjing-anjing, biur nyamber jelema. Tapi bubuhan paninggaran, rikat pisan
nyingcetkeunana, bari habek puhu ceuli mencek téh diteunggeul ku gegendir. Bru
baé rubuh, diburu ku anjing ditekuk. Geus kitu mah mencek nu keur ngaléhléh téh
lékék baé dipeuncit ku paninggaran. Ayeuna anjing nu ngégél ngancing kana
punduk mencek téh dikuprak-kuprak sina lésot. Mencekna dijungjungkeun, da
disontrolan baé ku anjing.
Mencek téh henteu direcah
harita. Sanggeus ditalian sukuna dua-dua, nu hareup jeung nu hareup, nu tukang
jeung nu tukang, tuluy dicorok ku dahan kai, rék digotong guluntunganana.
Barang keur récok kénéh
calacarita paburu téh, kurumuy Si Boncél nyampeurkeun.
“Euleuh, gedéna, nya Mang!
Paingan anjing-anjing teu waranieun narajang!”
“Enya, Jang. Tuh mani lebur kitu
urut mogokna ogé.”
“Ku kuring dipegatan mah, mana
balik deui ogé ieu mencek téh. Tadina mah rék mabal ka ditu ka lebak,” ceuk Si
Boncél.
“Enya, osok sagala kabeneran
puguh ogé, ari it indit-inditan téh,
kawantu numbuk di naga numpi. Ari Ujang anu ti mana, mana it as mangmegatkeun
udagan Emang?”
“Tebih rorompok mah ti
Kandangwesi.”
”Ambu-ambu, na mana lampar
teuing? Ari ayeuna nu matak aya di leuweung luwang-liwung keur naon?”
“Puguh kapaider kuring téh. Tos
lima poé asruk-asrukan. Atuh teu kararaban sangu pisan dina jero lima poé téh,
ngan ngadahar bongborosan wungkul.”
Karunya teuing, atuh ayeuna ogé it as dahar, nya? Pék geura dahar kadinyah! Tah, da gedé timbelna mah, jeung sambel bubuk deuih geura. Uyah mungkus, tuh dina bungkusan jimpo. Kop ka dinyah, entong asa-asa!
Karunya teuing, atuh ayeuna ogé it as dahar, nya? Pék geura dahar kadinyah! Tah, da gedé timbelna mah, jeung sambel bubuk deuih geura. Uyah mungkus, tuh dina bungkusan jimpo. Kop ka dinyah, entong asa-asa!
Celebek Si Boncél dahar, diriung
ku paburu sabaturna, cacamuilan mani ngalimed, poho dikaéra.
“Ari geus dahar mah, milu baé
jeung Emang ka Pamijahn, ulah apruk-aprukan di leuweung, kuriak diseupah badak
Cipatujah engké!” ceuk paburu nu pangkolotna.
Teu mangkuk saminggu ti harita Si Boncél geus aya di
Cianjur, cicing di bumi Juragan Kapala. Demi gawéna saperti keur aya di
Kandangwesi, ngarit jeung ngagebeg kuda. Ayeuna mah awakna jadi lingsig, teu
kurang dahar jeung tara aya nu nyiksa saperti keur di lemburna baréto.
Selang-selang tina ngarit jeung ngagebeg kuda, sok digawé di
dapur sagawé-gawé tara kungsi diutah-étah deui. Singer pisan tiasa titip diri
sangsang badan, tur dipikaasih naker ku dununganana, sumawonna ku Juragan Istri
mah.
Sakapeung sok mapag putra dununganan nu keur sakola di
Sakola Kabupatén, mangmawakeun sabak jeung buku.
Ari peuting mun putra dunungan keur ngapalkeun, Si Boncél
sok ngaregepkeun, sarta sok nengetkeun pisan kana aksara-akasara. Malah mun
putra dununganana enggeus mah ngapalkeunanan, Si Boncél sok dipapatahan
hanacaraka jeung sok sina ditulis deuih.
Lila-lila Si Boncél bisa maca jeung nulis aksara Sunda,
diajarna getol pisan. Saban poé mun salsé tina pagawéan anu baku, sok ngadapang
dina kokopan kosong diajar nulis.
Hiji waktu Juragan Kapala sumping ka istal mariksa kuda,
dina sorog Si Radéa aya mérek aksara Sunda unina: gedogan Si Radéa. Jol deui
sumping ka istal Si Pélor, aya deui mérek: gedogan Si Pélor.
Dina manah Juragan Kapala, tangtu putrana nu ngadamel mérek
téh, kaciri aksarana aksara budak. Tuluy putrana disaur.
“Ujang, beunang Ujang ieu mérek téh? Alus geuning.”
“Sanés, Ama. Kénging pun Boncél manawi.”
“Na, bisaeun nulis kitu Si Boncél téh?”
“Tiaseun, it as milu diajar ari wengi sareng abdi.”
Ti dinya Si Boncél disaur ku dununganana, dipariksa saha nu
nyieun mérek dina gedogan. Ku Si Boncél diunjukkeun yén éta mérek téh
meunangna. Si Boncél harita dipiwarang nulis dina bangkarak: Jamparing,
Sindangbarang, Pagermaneuh…dipecakan ku dununganana.
Kabéh bener sarta alus deuih aksarana téh.
“Isukan manéh montong ngarit, Boncél, milu baé ka kantor,
bawa map. Keun nu ngarit mah Aliani,” Saur Juragan Kapala.
Isukna Si Boncél ngiring ka kantor, jadi gandék purah mawa
map. Atuh yeuna mah lain tulas-tulis dina sorog, tapi dina daluang. Jeung sakur
bangkarak dibaca dirarampa, malah sok disalin sakapeung mah. Lila-lila mah
macana it as, nulisna ogé geus aksara jadi.
Dina keur it a, Juragan Kapala sok miwarang ngaguratan serat
ka Si Boncél. Mimitina mah ngaguratanana téh sok emplog-emplogan, tapi
lila-lila mah sanggeus sering diwurukan kumaha metakeun kalam, jadi alus. Malah
terusna mah lain ngaguratan wungkul, jeung nyalin surat deuih.
Waktu Juragan Kapala diangkat kana Patih di dinya, Si Boncél
dipundut ku anjeunna, supaya jadi juru tulis.
Dina jadina priyayi kaciri katemenanana, atuh nu jadi
dununganana tamplok kapercayaanana, malah waktu Juragan Asésor diangkat kana
Cutak ogé, nya Jurutulis Boncél anu kaselir jadi gantina, jeneng Asésor, kaasup
priyayi luhur.
Lila ti lila tina kauninga kapercékaanana jeung
kapinteranana, Asésor Boncél diangkat jeneng Jaksa di Bogor.
Tina keur jadi Juru tulis kénéh, Jaksa Boncél geus kautara
nenggang ti sasama, atuh teu matak héran mun nu jadi dununganana arasih nyaraah
téh, kauninga ku nu ti payun kalempenganana. Dina prakna cacampuran teu
néngtérégé, teu jiga paruruhan dika-tengah-imahkeun. Ieu mah éstu sieup kawas
ménak asli baé. Malah réa sobatna gegedén luhur bangsa Walanda, tina bisa ka
bala ka it .
Teu mangkuk dua taun jadina Jaksa, Jaksa Boncél nampi
nugraha Pangagung, diangkat kana…Bupati Caringin. Saparantosna diangkat janten
bupati caringin, eta kabar teh dugi ka ibu jeung bapa dalem boncel. Nu akhirnya
ibu sareng bapa dalem boncel nyusul ka kabupaten. Saparontos na dugi, dalem
boncel teu ngaku ka ibu bapa na kulantaran era da ibu bapa na datang teh
kabeneran dalem boncel keur rapat. kusabab kitu dalem boncel ngusir ka ibu bapa
na
Ka 4
SI Boncél ngarerebna di paburu
Pamijahan téh henteu lila, maksa permisi rék wangsul ka Kandangwesi, lantaran
geus lami teuing ninggalkeun indung bapana, geus sono pisan.
Inditna ti Pamijahan téh ngulon,
nyorang leuweung geledegan, mapay jalan satapak. Tapi ku lantaran teu nyaho
jalan, tungtungna sasab teu nyaho kalér kidul.
Meunang sababaraha poé Si Boncél
turun gunung unggah gunung, baranghakan sapanggihna, babakuna bongborosan. Ari
saré seseringna nyelapkeun manéh dina tatangkalan, sabab di handap mah sieuneun
ku sato galak.
Dina hiji poé manéhna anjog ka hiji
puncak gunung anu awas ka mana-mana. Di kajauhan katénjo tingarenclo kawas
lembur, béh kalérna marakbak jiga gedong-gedong.
Kaatohan Si Boncél barang nénjo
lembur geus taya hinggana, leungit kacapé leungit kalapar, tuluy mudun
gagancangan ka it as ditu, muru ka nu marakbak.
Teu sabaraha lilana, jol it as ka
sisi jalan gedé, bréh manggih warung. Harita Si Boncél ngarasa lapar lain
dikieuna. Rék meuli kupat teu boga duit, rék jajaluk teu kaduga ku éra,
tungtungna mulungan cangkang kupat dilémétan réméhna, poho dikageuleuh awahing
ku lapar.
Tukang warung barang nénjo aya nu
ngalémétan cangkang kupat jeung pakéanana rubat-rabét, jarijipaneun; tuluy
diusir bari dicarékan, “Nyingkir ka ditu, ulah deukeut-deukeut ka dieu, rujit!
Si Boncél indit, ngajrigjrig
leumpang, muntang kana padati anu rék ka Garut.
Kacaritakeun waktu harita di Garut
keur réa tatamu, ménak ti nu jarauh ti Cianjur jeung ti Sumedang kana uleman,
lantaran Kangjeng Dalem Garut ngaréndéngankeun putrana.
Kangjeng Dalem Cianjur ogé sumping,
diiring ku Juragan Kapala jeung ku pirang-pirang pangiring liana. Piisukaneun
Kangjeng Dalem Cianjur mulih, Juragan Kapala geus paciweuh baé nguruskeun
candakeun mulih, jeung nyadiakeun kuda katut pigundaleunana.
Ujug-ujug solongkrong baé Si Boncél
ngadeuheusan ka Juragan Kapala, sabab ditaruduhkeun ku anu rék ngagarundalan,
anu kapanggih ku manéhna di alun-alun.
Piunjukna, “Upami it nganggo kénéh pigundaleun, abdi ogé sanggem
ngagundalan. Dugi ka Cianjur ogé abdi mah it ngiring baé, upami dianggo mah.”
Saur Juragan Kapala, “Sukur ari daék
mah, kabeneran gundal kurang saurang deui. Na urang mana manéh téh?”
“Tebih, rorompok mah di Kandangwesi.
Ka dieu nembé dongkap, sasab puguh abdi téh, parantos sapuluh dinten henteu
kararaban sangu.”
Juragan kapala ngahelas ngadangu
piunjuk Si Boncél anu léntah-léntéh bangun it as, terus miwarang Si Boncél
dahar di warung saseubeuhna.***(Hanca)
Ka 9
DINA hiji poé Dalem Boncél katarajang kasakit ateul
sakujur salirana. Tadina mah dianggap ateul biasa baé, tapi lila-lila kanyataan
taya obat anu matih. Dukun lepus paraji sakti kabéh dikumpulkeun, tapi jampé
jeung ubarna taya nu mental. Malah kasakitna beuki parna.
Lantaran éta kasakit , Dalem Boncél pohara sangsarana.
Calik teu raos, ngadeg ogé teu raos. Pananganana gégétrét terus. Sakapeung nepi
ka lali it pakéan. Boh beurang boh
peuting méh teu tiasa kulem. Socana it a beureum jeung ngucur caian baé.
Salirana anu langsip téh beuki langsip baé. Anjeunna teu weléh rumahuh. “Moal
salah ieu kasakit téh lantaran doraka!”
Beuki lila kasakitna geus méh teu katahan deui.
Rahuhna, “Lamun kieu baé, aing bisa gélo. Duh Ma, Bapa …hapunten putra!”
Ayeuna anjeunna geus gilig rék ka Kandangwesi, rék
nyuuh ka pangkonan ibu ramana, rék nyuhunkeun ampun.
Atuh gancang diayakeun sasadiaan. Ponggawa-ponggawa
anu kudu ngiring, ditangtukeun. Kuda-kuda, boh kuda tunggang boh kuda it a
dijagragkeun. Pakéan anu aralus keur ibu-ramana disadiakeun. Nya kitu deui
kadaharan-kadaharan nu ngrareunah, boh keur bekel di jalan boh keur oléh-oléh
ka ditu.
Dina poé nu it , rombongan Dalem Boncél téh
barangkat. Dalem mah lantaran teu damang… ditandu. Diiring ku ponggwa-ponggawa
tarumpak kuda. Sababaraha kuda it a pinuh ku muatan. Ti Caringin di Banten ka
lembur Kandangwesi di Garut kidul téh, lalampahan jauh pisan ….
Anjog ka Kandangwesi rombongan téh langsung
ngajugjug ka imah Ma jeung Pa Boncél baé. Tapi, naon nu katingali ku Dalem
Boncél? … Imah sepuhna ngan tinggal urutna baé, malah geus jadi kebon eurih
sadedeg-sadedeg.
Ti urut tatangga-tatanggana, Dalem kénging
katerangan yén Ma jeung Pa Boncél samulangna it as néangan anakna téh …
garering. Teu lila tuluy maraot, méh bareng.
Ngadangu béja kitu, Dalem Boncél ngajerit … les
kapiuhan. Sanggeus émut deui, anjeunna lumpat bari gégétrét ngajugjug pajaratan
Ma jeung Pa Boncél, gabrug ngarangkul tutunggul ibu ramana, tuluy nyuuh kana
tutunggul ibuna …. Ngagukguk nangis kanyenyerian, bari nyambat-nyambat ibu
ramana nyuhunkeun dihapunten…
Salira Dalem Boncél ahirna pinuh ku késrék dugi ka
pupusna. *** Tamat.
Dari cerita diatas ada
beberapa nilai yang postif diantaranya
1. Seorang yang rajin
dalam belajar
2. tekun dalam bekerja
Selain pesan yang
positif ada juga pesan yang berdampak negative diantaranya
1. sifat sombong tidak
mengakui orang tuanya
2. memiliki sifat
angkuh
3. tidak bertanggung
Jawab
Tetapi dari sifat-sifat
ini akan lebih ditegaskan mengenai sebab dari sifat yang buruk yang
mengakibatkan kematian yang tidak wajar.
PERKEMBANGAN DARI CERITA
Cerita
diatas penulis pilih, karena dalam cerita diatas banyak sekali pesan moral yang
disampaikan, diantaranya:ketekunan seseorang dapat merubah nasib manusia itu
sendiri, tetapi kesombongan dan kebohongan akan menjadi sebuah masalah.
Sehingga dalam hal ini penulis akan mengembangkan cerita dalem boncel ini
kedalam gabungan musik, tari, dan drama sehingga membentuk sebuah drama tari.
Konsep yang akan dilakukan dalam drama tari ini yaitu:
1.
Membagi adegan-adegan dalam cerita
Hal
ini bertujuan untuk mempermudah penulis untuk gambaran karakter di setiap
adegan. Yang nantinya akan mempermudaah dalam imajinasi untuk menentukan konsep
Musik dan tarinya seperti apa sehingga cerita tetap tersampaikan walaupun
dengan media lain.
2.
Menentukan konsep garaf tari
Yang
dimaksud konsep garaf disini yaitu menentukan tarian nya seperti apa yang
sesuai atau yang menggambarkan cerita Dalem Boncel. Selain itu juga menentukan
jumlah penarinya berapa orang dan sebagainya
3.
Menentukan konsep musik
Yang
dimaksud konsep musik disini yaitu menentukan alat apa saja yang akan
digunakan. Menentukan musik seperti apa yang cocok untuk mewakili dalam setiap
adegan, serta adanya kesesuaian dengan tari.
Sehingga ketiganya bisa
bersatu dalam konsep yang sama yang menghasilkan karya “Drama Tari Dalem
Boncel” yang diharapkan dalam drama
tersebut cerita lisan tetap akan tersampaikan walaupun dalam media Drama Tari.
Dan diharapkan lebih mudah dicerna karena didalamnya lebih tergambarkan dengan
jelas.melalui media gerak tari dan didukung dengan musik.
Sedangkan
untuk pelaksanaan teknisnya nanti yang akan dilakukan adalah
1.
Membuat
Naskah
2.
Membuat koreografi tari
3.
Membuat Musik
4.
Proses Latihan
5.
Pementasan
Pelaksanaan “Drama Tari
Dalem boncel Mulang” ini diantarnya dibagi kedalam beberapa adegan, diantaranya;
Adegan 1. Terdiri dari
4 penari mengilustrasikan keadaan gandawesi, dan satu orang sebagai si boncel
yang sedang mengurus kuda. Yang kemudian datang pemilik kuda dan menarikan
dengan gerak yang menunjukan amarah terhadap boncel.
Musik pada adegan ini,
mencerminkan lebih mengenakan kedaerahan dengan menggunakan ilustrasi kecapi
suling sampai munculnya pemilik kuda musik mulai masuk gamelan salendro dengan
menggunakan gending perang dalam wayang.
Adegan 2 menceritakan
dalem boncel yang sedang gelisah takut dimarahi karena belum mendapatkan rumput
untuk kuda, karena hujan lebat. Yang akhirnya karena takut dalem boncel pergi
meninggalkan tempat tinggalnya karena takut
Musik yang digunakan
ini yaitu efek petir dan guruh, ketika boncel menari ilustrasi ke bingungan,
musik semakin keras dan cepat sampai akhirnya boncel lari.
Adegan 3 menceritakan
suasana pemburu dihutan, lalu masuk boncel sedang kebingungan dan ketakutan
Musik menggunakan
gamelan salendro gemdu naek kering.
Adegan 4 Menceritakan
dalem boncel ikut ke rumah senopati dan menjadi seorang pengurus kuda, yang
kemudian suka belajar dengan anaknya . yang kemudian menggambarkan kegembiraan
karena diangkat menjadi juru tulis. Karena kemampuan bisa menulis sampai
diceritakan menjadi seorang dalem.
Musik menggambarkan
kesenangan menggambarkan ilustrasi dengan terdapat bebrapa penari untuk
menggabarkan kesenangan tersebut.
Adegan 5 menceritakan
suasana di keraton yang sedang rapat
Musik mengilustrasikan
suasana rapat
Adegan 6 menggambarkan
sosok suami istri yang akan mencari anaknnya ke kota karena mendengar anaknya
telah menjadi dalem terdapat beberapa orang penari yang memerankan sebagai orangtua
boncel dan beberapa penari ilustrasi untuk memperkuat suasana
Musik gending sedih
yang kemudian menggambarkan kepenasaran dan kebahagiaan karena tau anaknya ada
dimana
Adegan 7 menggambarkan
kemarahan dalem boncel yang mengusir ibunya karena malu memiliki orang tua
seperti itu.
Musik menggunakan
gending perang dan dilanjutkan ke suasana sedih
Adegan 8 perenungan dan
penyesalan setelah mengusir orangtuanya yang kemudian menyusul untuk pulang ke
rumah orang tuanya
Musik sedih, gerak tari
menggambarkan kebingungan karena tidak hapal jalan pulang
Adegan 9 menggambarkan
penderitaan penyakit dalem boncel dan kematiannya
Musik menggunakan
tarawangsa untuk lebih merasakan kepedihan dan mendukung suasana menuju
penyesalan dalam perjalanan menghadap Sang Pencipta.
0 comments:
Post a Comment